Keur Enung Duka Dimana

Peuting nu endah. Purnama mabra, ngiringkeun ombak nu ngulinan congo suku. Kikisik basisir nu bodas ngahudang panineungan. Enung nu bageur, dimana anjeuna ayeuna?
Basa suku ngalengkah meulah basisir, kalangkang anjeun tambah natrat. Asa kamari urang motah di letah ombak. Kabeungkeut napsu dina kikisik lemes.
“Kang, diri abdi milik akang sagemblengna.” Sora anjeun haroshos basa bulan nyamuni tukangeun mega. Laun, tapi ngahudang kalalakian. Leungeun urang patarema, biwir paadu. Rasa mah geus lewih tiheula ngahiji.
Urang papuket. Urang gulet. Disaksian bulan anu tinggal sapasi. Dipirig ku galindeng degung ti lebah teluk tempat pesta basisir sapeuting jeput.
Anjeun pasrah sumerah. Basa leungeun kuring nyucup mamanis tina sakuliah awak nu endah. Basa biwir nyedot madu tina embun-embunan nepi ka dampal suku. Endah. Sampurna.
Hiliwir angin peuting jadi saksi. Basa lembar-lembar pakean ngalayah dina keusik. Basa kulit panas paadu taya hahalang. Urang ngahiji. Lebur sampurna. Taya napsu nu kabendung. Taya kahayang nu kakekang. Kabeh tumplek. Awak urang mandi kesang, hati urang luber ku madu birahi.
“Kang tong dileupaskeun deui,” sora anjeun tetep haroshos.
Urang tambah rosa gulet papuket. Urang ngalayang babarengan. Luhur,luhur. Basa puncak tinekanan, ngoceak babrengan. Puas. tuntas.
Dina kikisik bodas taya kahanjakal. Taya cimata dina endahna mata anjeun. Ngan ukur aya kapasrah. “Diri abdi ayeuna tos jadi milik akang sagembelngna.”
Ah, peuting ieu purnama teh ku endah. Tapi hati kuring asa simpe. Enung anjeuna dimana? Basisir itu terus jadi saksi, cinta urang nu kungsi ngahijina. Taya kaseubeuh, taya kapuas. Nu kahiji disambung nu kadua, terus anu katilu, nepi ka urang leungiteun itungan. Anjeun salawasna datang nedunan jangji duaan. Anjeun salawasna pasrah serah bongkokan. Dia keusik bodas, cinta urang mangkak karembangan.
Tapi ah, kamana anjeun ayeuna?
Dua purnama katukang anjeun lunta.  “Abdi hoyong milari bekel kanggo hirup urang,” ceuk anjeun basa pamitan. Anjeun teus sosoranganan, aya lima wanoja sejen nu satujuan: ka luar negeri seja nyiar kipayah.
Tapi anjeun terus plengles, taya raratan nepi ka ayeuna. Aya beja majar agen TKI nu mawa anjeun teh agen tipu-tipu. Aya oge carita majar anjeun sabatur-batur kadungsang-dungsang di Singapura. Tapi sagalana taya nu pasti. Sagalana matak ham-ham.
Tapi hiji hal pasti, kuring pasti tetep satia nganti. Miharep anjeun geura datang. Kuring rek tetep ngadagoan, dina kikisik urang, dina basisir urang. Enung…,sok geura datang.(*)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: