Posts tagged uh-oh

Isukan Pangantenan

Isukan pangantenan, tapi si akang bet teu sabar.
“Hoyong persekot heula ah,” pokna.
Kuring jebi. “Ta usah ya….”
“Alah enjing oge kan moal jang saha.”
“Memang leres, pangna ge sing sabar.”
“Ah, teu kuat…,” pokna bari terus nyentok leungeun. Bluk kuring kana lahunanan. Terus awak kuring ditangkeup pageuh pisan, teu bisa leupas najan satekah polah kuring berontak.
“Meungpeung keur sepi,” si akang ngucap bari haroshos. Memang harita teh kayaan di imah si mamang keur sepi. Mamang jeung Bibi araya di imah ema, mantuan nyiapkeun acara isukan. Ari kuring tadi teh tas nganteurkeun undangan ti babaturan. Cape ngeleyeng kapikir mun langsung mulang pasti teu bisa istirahat. Pangnage ngajak si akang nyimbang ke imah si mamang. Najan dikonci tapi kuring apal tempat konci disumputkeun.
“Ulah atah kang,” kuring satekahpolah ngejat. Tapi teu bisa. Tangkeupan si akang tambah rosa. Malah manehna ngagulingkeun kuring kana korsi. Terus awak kuring ditindihan.
Sanajan mimitina mah nyoba ngalawan, tapi basa biwir si akang ngaranggeum biwir kuring, antukna kuring teu walakaya. Serah bongkokan. Si akang beuki ilang kendali. Leungeuna ngotektak kamana-mana. Rameg diditu, usap didieu. Kuring asa murigrig saawak-awak.
Basa biwir si akang turun, nyucupan kulit beuheung, kuring lir salah palid. Leunguen teh nangkeup awak si akang sataker tanaga. Teu hayang leupas, komo deui barontak.
Basa leungeun si akang ngulinkeun kancing baju, kuring ukur peureum. Basa kancing teh hiji-hiji diuculan, kuring kalah rikat mantuan. Rikat oge males ngudaran kancing si akang.
Basa awak nu geus pada biligir ngahiji, kuring geus teu inget kana nanaon. Ngan aya sensasi nu endah, lir ancrub kana sagara kanikmatan.
Memang aya rasa hanjakal nu sumeleket basa sagalana rengse. Sigana bakal leuwih endah lamun hal tadi dilakukeun isukan di malem pangantenan. Lewih sampurna.
Tapi ah, rasa eta ngan muncul saliwatan. Ayeuna atawa isukan, nu penting cinta teh geus ngahiji.
Isukna, poe nu dianti-anti teh datang. Kuring geus dirias bebeakan. Jam 10.00 jadwal dirahpalan. Tapi satengah jam saencan acara rombongan si akang teu embol-embol. Kuring mimiti hariwang. Menit-menit penantian karasa pinuh siksaan. Kuring gulinggasahan.
Basa jam 10.00 kaliwatan, datang utusan mawa beja yen rombongan si akang kacilakaan. Si akangna perlaya saharita.
Kuring ngajerit maratan langit. Dunya asa tungkeb. Poek mongkleng. Samagaha jeroeun dada.(*)

Leave a comment »

Kageser-geser Imbit Nyi Randa

Beus teh pajejel. Hese usik. Unggal beus eureun kuring nu teu kabagen tempat diuk, kudu tipepereket pupuntangan. Mun henteu pasti awak bakal keuna kanu nangtung hareupeun. Bisa barabe. Kapan si geulis teh kakara pisan tas lak-lak dasar nyarekan bapa-bapa, anu dianggapna cunihin pedah terus meped-meped manehna. Tiap mobil direm atawa mengkol si bapa teh langsung ngamanfaatkan kesempetean.
“Dasar lalaki nurus tunjung! Teu boga kaera!” si geulis teh nyeuneu bari tutunjuk. Panumpang kabeh tumplek perhatian. Si bapa teh kaeraan, terus seseleket pindah ka beulah tukang.
Tapi kuring ngarasa beuki kasiksa beuki lila teh. Panumpang terus nambahan. Awak si geulis beuki ngadeukeutan. Sanajan sakumaha tarik pupuntangan mun beus ngaleok atawa eureun teh pasti awak kuring keuna ka manehna.
Beu cilaka, pikir teh. Bisa jadi korban kadua kuring ari keu mah.
“Aduh!” si mojang ngajerit. Kuring langsung kabur pangacian.
“Ati-ati atuh, Ki. Piraku suku kuring ditincak.”
Plong we. Tetela si mojang teh protes ka si aki hareupeunana. Si aki tembong gura-giru menta hampura. Si Mojang camberut bari rada narik awakna. Beu, kuring ayeuna nu jadi korban. Awakna adek pisan kana awak kuring. Waduh, kudu kumaha?
Basa beus mengkol, teu katahan deui awak kuring jeung manehna beuki napel. Manehna ngalieuk nempo ka lebah kuring. Neuteup sakuedeung tapi sama sakali teu ngucap sakemek.
Geulis pisan si mojang teh. Biwirna euceuy, irung mancung, pipi lemes, halis melengkung. Keuruet beungetna pas pisan jeung buukna anu dipotong luhureun taktak. Dandanana anu sederhana sama sakali teu ngurangan kageulisanaan. Malah karasa tambah nyari.
Kalan-kalan buuk manehna katebak angin. Ririapan kana beungeut kuring. Karasa seungit. Ku kuring diingkuen we, malah dinikmati. Diprotes, oge diprotes kumaha. Disinglarkeun oge percuma da terus kabawa angin deui.
Basa mobil rada nanjak, awakna beuki adek. Kuring ngarenghap panjang. Imbitna pas pisan ngagesek-gesek tuntung pingping kuring. “Duh gusti, tulungan abdi,” gerentes teh.
Tapi pitulung teu buru-buru datang. Jalan teh terus naek turun. Jadi beuki sering bae kuring kagesek-gesek. Kuring geus coba mundur, tapi teu berhasil. Maklum di tukangeun oge geus taya ruang nyesa.
Beuki lila kuring asa beuki ripuh. Lantaran kagesek-gesek terus lebah congo pingping teh karasa aya nu kahudang. Duh, kumaha ieu? Manehna oge lila-lila pasti bakal ngarasaeun aya dongkrak nu ngacung tuh.
Kuring coba ngabangbalerkeun pikiran ka luar jandela. Tapi  teu hasil. Si Joni teh beuki tarik nyuak calana. Tuda ieu mah nu ngagesernage lain samanea. Kapan imbit badag anu sakitu endahna.
Awak kuring karasa panas. Pakean jibrug ku kesang. Di jero beus teh panas lantaran langka hawa. Tapi di jeroeun awak kuring oge teh eleh panasna. Aya napsu nu kahudang.
Jalan beuki nanjak. Kuring beuki samar polah. Tapi ah antukna kuring teu paduli. Keun bae lah manehna karasaeun ge. Da lain salah kuring ieuh.
Manehna oge antukna mah sadar sigana mah. Da sababaraha kali siga narik awakna leuwih kahareup. Tapi kayaanana memang teu memungkinkeun, manehna oge antukna siga nyerah.
Beuki jauh ninggalkeun kota, beuki goreng jalan nu kaliwatan. Naek turun, luak-leok, tur beuki ruksak. Akibatna bujur manehna beuki sering ngagesek-gesek kuring. Tapi nu rada aneh teh manehna teu pernah sakli oge ngalieuk ka kuring. Anteng we neuteup ka hareup.
Nepi Ka Cijati, penumpang mulai ngurangan. Kayaan di jero beus mulai laluasa. Kurang gura-giru ngajauhan manehna. NU tadi nyuak teh antukna daekeun istirahat, ngalempreh deui.
Di Cijapati, aya dua penumpang turun. Korsi di tukang kosong. Nu nangtung tinggal kuring jeu si mojang. Kenek ngageron. Kuring gancang diuk. Ari nyi mojang tembong semu asa-asa. Basa gek oge menehna sama sakali teu malire ka kuring.
Ah, keun bae, pikir teh. Leuwih hade kitu. Dari pada pada-pada era.
Tapi perjalanan masih jauh. Antukna kuring teu kawawa.
“Bade kamana neng?” kuring lahlahan nanya.
Manehna tembong kaget. Ngareret sakeudeung terus neuteup ka hareup deui.
“Bade uih, ka Cicadas,” tapi ternyata aya jawaban nu kaluar, laun pisan.
“Oh..” kuring unggeuk.
Terus simpe deui, ukur kadenge gerung mesin beus jeung sora penumpang kerek.
“Punten nya…soal tadi,” kuring nyoba muka deui obrolan.
“Naon tea nya?” Pokna. Teuteupna angger ka hareup.
“Bilih aya nu kirang sopan tadi.”
Manehna ngareret. Prok teuteupan paamprok.
Blenyeh manehna imut. Dug, jajantung kuring asa didudut.
“Ah teu sawios.” pokna halimpu pisan.
Kuring bengong. Na teu salah denge kitu?
“Da abdi oge ngiring salah..,” sambungna deui. Paneuteupna ka hareup deui.
“Hah?” Kuring calangap. “Ari kitu, eneng oge menikmati?” Teuing kunaon sungut teh asa hese direm, langsung nanya kitu.
Manehna ngadilak bari baeud. “Ih, amit-amit…,” pokna. Ukur kitu.
Kuring beuki wani. Sajajalan terus ngajak ngobrol. Manehna bet terus ngalayanan.
Tetela manehna teh randa. Karek 6 bulan ditinggal maot salakina.
Basa beus asup ka wilayah Cicadas Manehna siap-siap turun. Kuring gura-giru menta alamat. Teu hese, golosor we. Kuring gancang nyatet alamat manehna dina telepon genggam.
“Kenging nganjang kitu?”
“Mangga.”
“Moal aya nu bendu?”
“Ih saha nu bendu.”
Basa beus eureun di Cicadas manehna siap-siap.
“Upami leres bade sumping, diantosan nya,” pokna bari hudang. Kuring asa ngapung ka awang-awang.
“Memang bade di suguhan naon?”
“Naon bae aya.”
“Da hoyong na oge anu siga tadi.”
Manehna ngadilak. “Ih, cunihin..,” pokna bari gura-giru turun. Tapi aya imut dina biwirna.(*)

Leave a comment »

Serial Jaka Lodaya: Kaadilan di Jamparing

reup, lir papatong manehna entruep na suhunan imah. Enteng, tanpa sora sama sakali, pertanda elmu silatna nu geus sampurna. Jaka Lodaya ngadepong ngintip kajero imah.
Breh pemandangan nu matak metot jajantung. Tilu awak bulucun, hiji lalaki dua awewe. Sarua kalebuh dina birahi.
“Kuwu atah adol,” Jaka kekerot. Lalaki nu keur kalelep ku birahi teh memang Kuwu Sasmita, jalma paling kawasa di Desa Jamparing. Jalmana telenges taya papadanan. Warga nu baha kana kahayangna pasti nandang siksaan. Malah kadang-kadang kapanggih geus ngababatang.
Taya nu wani ngalawan kuwu Sasmita. Ma’lum manehna boga pangawal-pangawal gangas nu jumlahna loba.
Tapi Jaka Lodaya teu gimir. Keur satria ti Pasir Kaliki ieu pangawal-pangawal kuwu teh ukur jadi kaulinan. Tadi basa nyulundup rerencepan, tila pangawal ngajoprak ukur dina sababaraha gerakan.
Jaka oge ngarasa taya susahna keur nyabut nyawa kuwu Sasmita. Tapi manehna asa-asa. Ieu kuwu atah adol teh boga deking kuat di kawadanaan. Wakil wadana teh masih mamangna. Jadi lamun Sasmita kapanggih tiwas sacara misterius, pasti rakyat bakal jadi korban wakil wadana anu meupeskeuyang.
“Jalan paling pas maksa supaya ki kuwu kapok nindes rakyat,” gerentes Jaka. Tapi kumaha carana?
Di jero kayaan beuki panas. Ki kuwu diuk dina sisi ranjang. Dina lahunanan diuk salah saurang awewe, nyanghareup adek kana awak ki kuwu. Awak si awewe anu karek umur lilikuran teh terus naek turun dina wirahma anu beuki lila beuki cepet. Ki kuwu tempong peureum beunta nahan kanikmat. Leungeuna kencana ngaramesan birit si awewe, ari leungeun katuhu ngaramegan buah dada awewe sejenna, anu nantung hareupeunana. Sora-sora pinuh birahi patembalan.
Sasmita gogodeg. “Manusa-manusa edan. Teu boga moral,” batinna. Lalaunan manehna mukaan genteng sapas awakna. Gulantung, gulantung, manehna abus ka imah. Treup, dina lante papan.
Nu keur ocon tembong reuwas. Ki Kuwu langsung hudang, nepi ka awewe na lahunan kabanting kana lante.
“Saha andika?” Ki kuwu ngagentak. Sorana berwibawa.
Jaka sueri ipis. Manehna nyabut bedog, langsung disampaykeun kana beuheung ki kuwu. “Aing raja aherat anu rek nagih nyawa andika,” pokna. Sorana laun tapi pinuh ancaman. Ki kuwu langsung pias. Dua awewe nu tadi sempet kabur pangacian rame ting jarerit.
“Cicing. Tong nyoara,” Jaka nyentak. Dua awewe bulucun teh kaget, langsung nutup baham ku leungeun. Beungetuna sarua pias.
“An..an..andika saha?” Ki kuwu ngawani-wanikeun karep nanya.
Jaka seuri, sinis. “Ajal andika,” pokna. Seuseukeut bedog masih nempel na beuheung ki kuwu. “Aing ngahaja datang ti tempat jauh kuer neukteuk beuheung pejabat tukang nindes rakyat. Ayeuna geus datang mangsana anjeun nyusul puluhan korban anjeun nu gues perlaya tanpa dosa.”
Ki kuwu beuki pias. Dua awewe anu ayeuna geus pada andeprok kadenge ceurik. Tapi tetep teu wani tarik.
“Aing oge apal anjeun teh pejabat tukang ngarebut pamajikan batur. Tukang ngagadabh parawan tanpa daya. Ayeuna balesanana geus datang,” ceuk Jaka Lodaya deui. Sakedapan manehna neuteup ki kuwu anu jiga geus teu nyawaan. Kalalakiannan geus ti tadi pareum, ngulumbruk lir anduk butut.
“Ampun, ampun, ampun, juragan,” Ki kuwu langsung ngudupruk, sujud di hareupeun Jaka.
Satria Pasir Kaliki teh ukur gogodeg. Dina kaayaan kitu Ki Kuwu teh sama sakali teu tembong kakejemanana. Justru matak pikarunyaeun. Tapi Jaka apal, jalma siga ieu mah pinter lolondokan. Di hareupeun nu kuat ngarendahkeun diri bener-bener tapi begitu nyanghareupan rakyat langsung obah jadi monster penindas nu teu boga rasa perikamanusiaan.
“Hudang!” Jaka nyentak. Ki Kuwu tetep ngusruk.
“Hudang!” sentak Jaka deui. Ayeuna mah bari nyampaykeun bedog dina punduk ki Kuwu. Tetela ampuh. Ki Kuwu hudang bari tetep ampun-ampunan.
Jaka jadi sebel. Bedogna langsung maen. Sret, sret, sret, sret. Opat garis langsung ngahias pipi Ki Kuwu. Penguasa desa teh langsung ngoceak bari nutupuan dua pipina nu pinuh ku getih.
“Tah eta peringatan keur tingkah anjeun nu sok meres jeung nyiksa rakyat.”
Bedog Jaka rikat beraksi deui. Sret. Ki Kuwu ngajerit maratan langit bari nyekelan kalalakianana nu tinggal sapotong. “Tah eta keur dosa anjeun anu sok resep merkosa.”
Ki kuwu ngudupruk. Terus gogoleran bari adug-lajer guyang guyang dina getih sorangan. Dua awewe bulucun milu ting jalerit.
Ti luar kamar kadenge sora para pangawal datang. Jaka ngejat. Jleng, gulayun-gulayun, kaluar deui kana suhunan.
Manehna terus nyingkah ninggalkeun eta tempat. Isukan, duka durjana mana anu bakal meunang pelajaran ti satria itu.(nyambung)

Leave a comment »