Patepang Jeung Tiara Lestari

Manehna imut bari ngasongkeun leungeun. “Tiara Lestari,” pokna.
Kuring olohok. Maenya? Tiara Lestari anu terkenal tea? Siga nu surti manena unggeuk. Leungeuna masih ngasong. Kuring sadar, bari rada kapiasem gancang leungeuna teh ditampanan. Karasa haneut basa tapak leungeun patarema. Tapi leuwih haneut deui dina jero dada kuring. Meureun perbawa sikap manehna anu kacida someahna.
“Pa Handoko tos nelepon ngawartosan kan?” tanyana. Kuring gura-giru unggeuk. Oh, jadi manehna nyah anu dijangjikeun ke Pa Handoko teh. Paingan atuh basa telepon teh make sababaraha kali nyebut jempolan.
Sidik memang Jempolan. Tiara Lestari tea. Kuring akrab pisan jeung tangtunganan. Kapan geus mangpuluhkali ku kuring disidik-sidik. Mindengn pisan fotona dina internet teh dibuka. Apal pisan kana liku-liku awakna, nepi ka jero-serona. Enya kapan manehna teh perna jadi model dina
majalah dewasa di luar negri.
Mun ayeuna peureum oge bakal sagalan bakal atra kabayang dina wangwangan kuring. Kulitna nu hideung santen. Dina foto teh tembong beresih tur ngagurilap katojo sinar. Awakna, nu bulucun tangtu bae, lir janggelek karya seni. Irungna mancung. Kitu duei dadana. Ah, mun neuteup gambarna, pasti aya hawa nu nguniang jeroeun dada.
“Geuning kalah ngalamun.” Deg. Manehna keur imut bari neuteup kuring. Leengeuna noel. Kuring karek sadar. Salaman teh can dileupaskeun. Gura-giru kuring narik leungeun.
“Mangga atuh ka labet,” kuring ngajak. Manehna unggeuk baru ngalengkah nuturkeun.
Sanggeus ruratreret nempoan eusi ruangan manehna malik ka kuring.
“Tiasa dikawitan?” Hah? Aduh, tetela kuring deui-deui ngalamun.
“Kumaha?”
“Tiada dikawitan?”
Kuring gancang unggeuk. Manehna terus muka kimono. Di jerona taya deui hahalang najan salembar. Breh, awak nu mindeng jadi implengan teh ngajanggelek hareupeun kuring. Sampurna, teu beda tinda fotona.
Rada ngadegdeg basa leungeun mimiti pancen gawe teh. Usap ka kenca, usap ka katuhu. Terus ka luhur, ka handap, bulak-balik.
Manehna tembong husu diuk dina korsi. Posena estu matak ratug jajantung. Biwirna ngabelenyeh basa nempo kuring sababaraha kali menerkuen calana nu ujug-ujug karasa jadi sereg. Ah, paduli teuing. Leungeun kuring terus beraksi. terus, terus,terus. Ahirna tembong hasilna. Lukisan manehna taram-taram geus ngabentuk.(*)

Leave a comment »

Kursus Kamasutra

Basa kayaan kantor keur simpe, brosur teh ku kuring dibuka. Tadi dibagi-bagi ku budak ngora di jalan nuju ka kantor. Harite teh langsung we dipesakan da tembong narik ati. “Kursus Kamasutra.” Kitu judulna teh.
Basa dibuka, kuring langsung kairut. Kursus teh diayakeun saminggu sakali. Waktuna malem minggu. Biayana memang rada mahal, Rp 1 juta sabulan. Tapi dina brosur teh dijanjiekun nilai tambah: langsung praktek. Teuing naon maksudna.
Lah-lahan nomor dina brosur teh ku kuring ditelepon. Nu narima awewe darehdeh naker. Kuring langsung nalungtik perkara kursus tea. Ternyata cenah memang aya praktek langsung. Tapi tiap peserta teh teu kudu mawa pasangan. Jadi praktekna jeung saha? Ditanya kitu teh Si eneng nyikikik. Kuring jadi ratug tutunggulan.
Lah-lahan sore eta keneh kuring langsung daftar. Transfer lewat ATM mayar biaya kursus teh. Sanggeus bukti pembayaran dibejakan lewat telepon, kuring langsung dibere alamat kursus: pertokoan Caladi di jalan Dadali. Kursus dimimitian poe sabtu. Bet karasa teu sabar ngadagoan poe munggaran
kursus teh.
Basa waktuna geus datang, kuring muru tempat kursus. Teu hese neanganan. Ruko leutik tempat kursus teh, diapit ku tempat fitnes jeung salon. Basa kuring asup, wanoja ngora ngabageakeun.
Kursus teh di lantey kadua. Semi privat, ceuk si wanoja teh, lantaran tiap peserta ditempatkeun di kamar sorangan-sorangan. Engke instruktur nu bakal ngadatangan tiap-tiap kamar mere pituduh.
Urang India instruktur kursus teh. Pangawakanana jangkung badag, kulitna hideung. Ngarana Kumar Singh. Sigana pas, yeuh. Kapan kamasutra teh seni bercinta ti India lin.
Moal dicaritakeun kumaha basa-basina si juragan Kumar teh. Kapan soal teori-teori mah dina buku jeung video oge loba lin. Satengah jam manehna mere penjelasan panjang lebar soal teori teh. Kuring unggeuk-unggeukan we, ambeh siga bener-bener ngarti.
“Kumaha tos ngartos? Tiasa dilajengkeun kana praktek?” Kang Kumar mungkas penjelasannana soal teori. Kuring gura-giru unggeuk. Tah, ieu bagian anu ku kuring dianti-anti teh.
Kumar ngagero dina lebah interkom. Teu lila aya nu keketrok kana panto. Kuring colohok basa nu keketrok asup teh.
Naha teu salah kitu? Ieu kitu layan kuring praktek teh? Beu, bangkok atauh ieu mah. Dreum ketah. Beungetuna manis, tapi awakna sigana leuwih ti 100 kg.
Kumar sigana surti kana kaheran kuring. “Praktek munggaran soal foreplay. Ieu janten ujian kangga bapa. Kumaha cara ngahudang birahi pasangan urang,” pokna.
Kuring garo-garo teu ateul. Naha taya deui nu leuwih langsing kitu? Tapi ah, antukna kuring nurut oge, siap-siap mraktekkeun teori pemanasan nu tadi dijelentrekeun.
Kuring nangtung papahareup jeung eneng gendut tea. Manehna ngagalenyu. Huntuna tembong rada koneng. “Sok mulai. cara ngusapan jeung nyium.” Kumar ngomando.
Si Endut teh ngadeuketan. Sok leungeuna kana dada kuring. Terus ngusapan, lemes kacida. Aduh, kuring langsung ngabirigidig. Memang lebah dada teh jadi titik lemah kuring. Ari geus kitu mah teu burung lungsur langsar. Kuring ngusapan manehna, manehna ngabales. Kuring nyucup pipina manehna sumerah. Leungeun kuring terus ngatapyak, nguap kaditu-adieu. Si eneng teh pinter pisan ngalayanana. Tapi basa adegan beuki panas, Kumar langsung motong. “Cukup, cukup!”
Si endut langsung ngajauhan. Terus ninggalkeun kamar bari maledog ku imut. “Pertemuan pertama tos lekasan. Urang teruskeun minggu payun,” ceuk Kumar. Kuring masih keneh hareugeungeun. Napsu teh keur ngaberung basa tadi dititah eureun.
Memeh ninggalkeun tempat kursus kuring ngaharewos ka Kumar supaya pas praktek lanjutan pasangan kuring diganti kunu leuwih sip. Manehna unggeuk bari ngegelenyu. Kuring mulang bari ngarasa reugreug.
Minggu hareupna, geus taya deui teori. “Langsung praktek,” Kumar ngomong bari imut. Kuring dag-dig-dug. Basa pasangan praktek dibawa ka kamar kuring olohok. Euleuh-euleun naha siga bentang film geuning. Beunget manis. Kulit sampulur koneng. Awakna oge estu sampurna ngabentuk biola. “Nani,” pokna ngenalkeun maneh bari ngasongkeun leungeun. Kuring gura-giru nampanan.
Sanggeus mere pesen nu kudu dipraktekeun, Kumar terus ninggalkeun kamar.
Sakedapan kuring jeung Nani pada ngabetem. Asa rada kagok. Tapi imut manehna terus nyairkeun suasana. “Mangga atuh urang ngawitan,” pokna. Kuring unggeuk.
“Kamari tos diajar carana pemanasan. Sok geura urang praktekeun deui.”
Teu cara kamari, ayeuna mah segut pisan kuring teh. Basa manehna ngadeukeutan leungeun kuring langsung gap kana leungeuna.
Praktek dimulai! Jeung lain bag-bagan pemanasan wungkul ni dipraktekeun teh, tapi oge langsung kanu leuwih jauh. Termasuk soal macem-macem posisi salila berhubungan.
Basa isukna kuring ngaharewos ka Si Odi, babaturan di kantor, manehna tembong teu percaya. “Ah maenya?” pokna bari kerung. Basa ku kuring dijelentrekeun ti awal nepi ka ahir lalampahan salila kursus, manehna langsung nyoara, “Atuh eta mah teu beda jeung pelacuran terselubung,” pokna.
Kuring langsung nyeuneu dikitukeun teh. Atuh sarua we jeung nyebut kuring lacur ari kitu mah. Terus we kuring teh ngajelaskeun elmu anyar nu ku kuring kapulungan tina kurses tea. Samemehna mah kapan timana teuing kuring apal kana nikmatna gaya <I>coming from behind<I>.
“Alah, percuma apal loba gaya oge ari teu bisa dipraktekeun ka pamajikan mah,” tempas Odi.
Aeh, enya nya. Omongan si bebengok teh terus kapikiran. Peutingna, basa si bungsu geus reres dipepende, kuring noel imbit emana. Manehna tembong surti. “Urang di kamar tukang we, Pa.” pokna. Biasana kamar tukang teh dipake ku Si Yayah tapi pembantu teh geus dua poe balik.
Di kamar tukang, dina cahaya lampu nu remeng-remeng, hasil kursus teh ku kuring dipraktekkeun. Ti mimiti jurus pemanasan nepi ka gonta-ganti posisi. Tapi ternyata teu sesuai harepan. Basa Rina, pamajikan kuring, dititah ganti posisi manehna nolak bari jejebris. “Ih akang geuning aneh-aneh. Hayoh, diajar ti mana. Ngadon jajan di luar nya?”
Beu nu aya mah napsu kuring teh langsung we alum. Kamar tukang nu tadina pinuh ku harurung kanimat, akhirna malah caah ku amarah. Pamajikan curiga, kuring bebeakan nolak bari ambek.(*)

Leave a comment »

Malem Pangantenan

Mun nyarita soal malem panganten, sok inget ka jaman beheula. Waas.
Sapuluh taun katukang kuring ngalaman malem pangantenan anu unik. Harita
kuring bener-bener masih bau jaringao. Umur karek 17 taun tur hirup di desa.
Jadi sama sakali bolostrong soal hubungan asmara.
Kawin ge teu kahaja harita teh. Lulus ti SMP teu ieuh neruskeun da kolot teu boga biaya. Kuring langsung diajak Mang Karta –emang kuring– jadi laden manehna. Kabeneran bakatna kana ngurut teh tumurun ka kuring. Basa du SD keneh kuring geus bisa memener tulang nu misalah atawa potong. Teu kungsi diajar. Ukur sok nempo si mamang beraksi, terus bisa we kuring teh. Boga bakat alam kuring teh, cek si mamang mah.
Dua taun mantuan Mamang, akhirnya kuring beuki tapis kana memener urat jeung
tulang teh. Lantaran Mamang mimiti sering tik-tik brek, akhirnya kuring jadi
sering jadi andelan.
Urang tunda heula lalakon kuring. Kacaturkeun di kampung tatangga aya kembang
desa anu kawentar kamana-mana. Neng Mimin, putrana Pa Haji juragan sapi.
Umurna 30 taun, tapi geus jadi randa. Salakina nu ti heula diusir ku ramana
lantaran dua taun ngaligeuh.
Terkenal pisan Neng Mimin teh. Beungeut geulis, awak hade. Komo deui ramana
jalma jegud. Atuh puguh jajaka jeung para duda teh paheula-heula ngahelaran.
Ari kuring harita teh teu ieuh milu aub. Maklum umur ge karek 17 taun. Can
mikir-mikir kanu kitu.
Tapi hiji poe, kuring justru panggih jeung manehna. Malah bisa ngobrol lila
lisan. Malah kuring bisa nyekelan pingpingna bebas pisan. hehehe…tapi tong
boga pikiran ngeres heula. Hubungan kuring jeung manehna murni profesional.
Maklum si kembang desa teh harita kaserang salah urat dina lebah congo
pingping. Cenah lantaran labuh di kamar mandi.
Rada bangga ngubaran panyakitna teh. Maklum nyi randa teh tembong serba salah
tur serba kagok mun rek dirancet teh. Era tayohna mah. Ari kuring sih biasa.
Teu ieuh boga pikiran lain-lain. Profesional mun ceuk basa ayeuna mah. Atawa
mungkin perbawa umur nu karek manjing baleg jadi can rada wawuh kana nu
aneh-aneh siga kitu.
Aya kana tujuh kali ngubaran si teteh teh. Kitu kuring ngabasekeun manehna
nyi randangora teh, lantaran umurna nu jauh di luhureun kuring. Sanajan mimitina rada karagok  lila-lila mah jadi lancara sesi pengobatan teh. Malah jadi sering uplek
ngobrol. Sifat kuring nu resep banyol jadi samara keur ngalancarkeun obrolan.
Tapi kuring teu nyangka, perkara ngarancet pingping teh tetela jadi manjang.
Saminggu ti saprak si teteh cageur, kuring digero ku Pa Haji.
Lir dibentar gelap basa Pa Haji tog mol nanya: kuring daek teu jadi salaki Teh Mimin?
Harita teh kuring ukur calangap bari taya sora nu kaluar. Kaget jeung bingung
pagalo jadi hiji. Jadi tujuh kali ngarancet manhena kuring bisa ngirut hate si bentang desa? Asa teu percaya.
“Intina mah Jang, anak Bapa teh menta tanggung jawab bongan geus disasaran pingpingna sababaraha kali,” ceuk Pa Haji bari ngagelenyu.
Kuring garo-garo teu ateul. Tanggung jawab? Har lain kuring mah ukur nulung wungkul. Da hate ge berseih taya dibarung ku napsu. Lamun si tetehna ngarasa lain eta mah atuh salah manehna. Tapi teu ieuh dikedalkeun eusi hate teh.
Kuring akhirna dibere waktu ku pa Haji keur mikir jeung badami jeung kolot. Tapi tetela ema jeung bapa kuring langsung satuju malah nyebut eta teh oge kasempetan emas nu moal tangtu bakal datang deui. Kitu deui Mang Karta satuju pisan mun kuring kawin ka Teh Mimin teh. Ari kuring dipikir-pikir teh teu boga alesan keur nolak.
Jadi singget carita pruk we kuring teh ka Teh Mimin. Hajatna dirarame ku nanggap wayang sagala. teu heran da Pa Haji teh kapan jalma jegudna tur loba banda.
Moal dicaturkeun soal geumpeurna kuring basa dirapalan oge kakaget kawawuh kuring nu langsung diucapkeun basa ngucapkeun salamet bari sasalamen. Urang langsung kana soal malem pangetenan bae.
Harita teh jam kira-kira 11.00 peuting. Kuring jeung si teteh geus dititah bus ka jero kamar. Padahal di luar wayang karek dimimitian.
Di jero kamar kuring asa leuwih geumpeur batan basa dirapalan. Kuring bener-bener teu boga cecekelan naon nu kudu dilakukeun. Dua poe katukang basa nanya ka Mang Karta kalah dijawab bari nyakakak. “Nu kitu mah teu kudu dipapatahan. Alami. Lila-lia ge pasti kapanggih sorangan carana,” pokna. Alami? alami nanahaon. Bukti kuring jadi bingung siga kieu.
“Geuning kalah ngalamun.”
Gebeg. Si teteh nu keur meresihan pupulas beungeut mencrong kuring tina eunteung. Paromana marahmay sanajan tembong gurat kacape nu kawilang atra. Di kitu keun teh kuring beuki samar polah.
Si Teteh cengkat. Beungeutna geus beresih tina wedak jeung lipenstip. Manehna terus ngagoledak kana ranjang. Nempo kuring masih keneh ngajanteng deukeut panto manhena ngagupayan baru nepakan kasur gigireunana. Kaleked kuring ngadeukeutan. Kalacat naek kana ranjang. Dug gigireunana. Awak kuring karasa kacida tegangna. Jantung siga bedug lebaran, dag-dig-dug taya eureuna.
“Naha ngajeten wae? Kunaon? Isin? Piraku ka bojo sorangan isin.”
Kuring teu nembal. Awak ge teu usik. Sakedapan pada ngaheneng. Karsa aya seungit malati campur jeung bau awak si teteh nu minuhan irung. Pikiran kuring asa tambah butek tur pabaliut. Boro-boro bisa ngalucu jiga basa keur ngarance manehna bareto.
“Ayi bendu ka teteh?”
Kuring kaget. Gideug bari ngareret. Manehna keur neuteup ka kuring bari sare nyangigir. Kuring gura-giru malikkeun paneuteup ka lalangit kamar.
“Naha geuning ti tadi bet cicing bae?”
Kuring teu nembal. Ari kitu kedahna kumah? Dina hate wungkul nanya kitu teh, ari baham mah teu wani kedal.
“Ayi teh kapaksa mihukum teteh teh?”
Kuring gura-giru gideug.
“Naha atuh bet siga nu bendu?”
“Ah, henteu,” tembal teh. Karasa sora teh ngageter.
“Upami henteu bendu, na atuh tetehna diantepkeun bae? Kapan itu teh malem pangantenan urang?”
“Ari..ari kitu kedah..kumaha?”
Kareret si teteh teh kerung. “Har, naha teu terang kitu?”
Kuring gideug lalaunan. Karasa beungeut panas.
“Memang teu aya nu masihan terang?” kadenge siga bari nyerengeh nanya kitu teh.
Kuring gideug deui.
“Tong bingung lah. Engke ku teteh dibingbing.”
Kuring ngareret. Nu geulis teh keur imut leleb bari neuteup. Gura-giru kuring miceun deui teuteupan. Aneh, bet asa aya nu ngageter jeroeun dada.
Rada lila simpe. Tapi dina jeroeun dada mah galecrok rame pisan.
“Eu..abdi kedah…kumaha?” Kuring ahirna ngawani-wani karep. Ari panon mah angger nengetan lalangit.
“Emh..kumaha nya? Panginten mimitina mah urang kedah sami-sami muka pakean.”
Kitu na teh si teteh bari cengkat, ngadon diuk. Terus ngalaan kancing kabayana. Kuring gancang nurutan. Tapi leungeun teh karasa ngadegdeg basa mukaan kancing jas. Basa kabaya geus leupas, si teteh terus ngudaran samping. Kuring oge sok ngalaan calana panjang.
Pada-pada ngan ukur make pakean jero kuring terus nuturkeun basa si teteh dud deui kana kasur. Dulag jeroeun dada kuring karasa beuki tambah rosa.
Di pirig ku sora wayang anu terus ngemprung, malem pangantenan teh ahirna laksana. Si teteh ngabingbing kuring salengkah demi salengkah kalayan sabar pisan. Tapi ngan mimitina wungkul mapatahan teh. Basa geus ngalincak nu kadua, komo deui anu saterusna, kuring teh geus langsung bisa sorangan. hehehe.
Malem panganten eta teh moal kapopohokeun. Oge malem pangentenan anu kadua.
Memang kuring teu manjang jeung si teteh teh. Gusti Allah mundut anjeuna lima taun kaliwat. Kaguguran basa ngandung anak kuring anu lila dianti-anti.
Ngan ukur opat bulan nyorangan, Kuring bet ngalaman pangantenan deui. Kuring deui-deui dikumaha ku Pa Haji, mitoha kuring tersayang. Manehna sigana beurat kaleungitan kuring anu geus jadi kapercayaan dina usaha balantik sapi. Nyaah ku hubungan anu geus terbina, pokna basa anjeuna nawaran kuring kawin jeung Neng Titin, adina Si Teteh. Rek nolak oge teu wasa kuring teh. Komo deui da Neng Titin teh teu eleh geulisna ku lanceukna.
Antukna pruk we kuring kawing deui. Pa Haji nanggap wayang deui. Kuring pangantenan deui. Ngan bedana dina malem pangentan anu kadua ieu mah kuring nu jadi pembimbing teh. Ma’lum Neng Titin teh kapan masih keneh ngora pisan, karek 17 taun, persis pisan jeung umur kuring basa pruk ka lanceukan.
Ayeuna gues lima taun kuring ngajiji jeung Titin. Pa Haji geus taya dikieuna, mulang ka kalanggengan tilu taun katukang. Kabeh kakayaanna brug ka anakna hiji-hijina, Nya Neng Titin pisan, anu ayeuna geus maparin kuring tilu budak ka kuring. Hirup kuring ayeuna estu genah merenah.(*)

Leave a comment »

Hirup Teh Teuing Ku Endah

Hirup teh aya ku genah. Senang, henang-hening. Geus leuwih sataun kuring luntang-lantung. Ukur nulis jeung ngajurungkeun
keresep. Kalan-kalan nguseup, kadang-kadang jalan-jalanan nyuksuk padesaan.
Teu ieuh bingung ku kabutuh dapur. Dua buku karya kuring nu jadi best seller bener-bener jadi berkah. “Roman Nyai Pohaci” nepi ka kiwari geus cetak ulang 5 kali. Buka kadua, “Asmara dina galindeng tembang” malah leuwih sip: geus 8 kali cetak ulang. Unggal bulan kuring tinggal namprak narima royaltina.
Eta dua buku dina basa sunda oge geus ngajawulkeun ngaran kuring. Penerbit
teh ayeuna mah parebut menta naskah. Majalah jeung koran basa sunda oge teu eureun menta tulisan. Televisi basa sunda oge terus menta naskah drama. Kuring nya tangtu bae tambah ma’mur. Kipas-kipas. Nikmat pisan.. komo mun geus diuk bari nyerebungkeun roko siga kieu mah.
“Hayoh akang ngalamun bae.”
Gebeg. Tembong Heni diuk na ranjang. Awakna bulucun, ukur katutupan ku simbut anu geus teu puguh posisina. Kuniang manehna hudang, hayoh ngalendotan kuring nu keur diuk dana korsi.
“Ngalamun naon si kang?”
“Ngalamun kahirupan.”
“Yey, kahirupan dipikiran. Mending dini’mati,” pokna bari pegeuh nangkeup. Teu kaampeuh napsu kuring teh kahudang deui. Padahal kareak satengah jam katukang kuring jeung manehna ngabedahkeun katresna.
“Hayu Kang, dina kasur,” pokna, semu haroshos.
Coba etah, nikmat pisan lin? Heni teh jadi bukti sampurnana kahirupan kuring. Umurna karek 23. Kungsi jadi penari jaipong, tapi langsung pangsiun basa jadian jeung kuring. Karek genep bulan pruk ngahiji teh. Manehna estu wanoja simpel. Asal duit bulanan beres, tara ieuh make barang tanya urusan lain-lain. Pokona mun kuring keur amprok jeung manehna waktu teh bener-bener dimaksimalkeun keur nyesep madu asamara.
Basa kuring ninggalkeun kontrakan Heni, posel teh disada. Langsung diangkat.
“Pa, nuju dimana?” Pamajikan ternyata. Lain, lain Heni, tapi pamajikan kuring nu asli. Sumi. Manehna nu kaiket tali rumah tangga jeung kuring tujuh taun terakhir.
“Nuju di jalan, Mah. bade uih,” tembal teh. “Hoyong dioleh-olehan martabak, teu?”
Manehna ngaenyakeun. Telepon ditutup. Tapi langsung kadenge aya pesen anyar asup. Gancang dibaca. “Diantos di bumi. Si Om nuju ka Jakarta. Sono pisan yeuh.”
Ti Mayang geuning. Beu penyanyi petingan kuring teh ngajak papanggih. Geus dua minggu kuring teu amprok jeung manehna. Maklum Si Om anu ngampihan manehna terus ulukutek bae di imahna. Cenah proyekna di Jakarta keur sepi.
Gancang kuring mencet nomor imah. “Mah, punteng apa teu jadi uih. Bieu aaya telepon ti penerbit. Sigana rek mesen naskah. Engke wengi lah martabakna dipangmeserkeun.”
Beres. Dius we kuring ka beh wetan, muru ka pangkuan Mayang, penyanyi pub anu bahenol nerkom. Leuh asa sono pisan ka si eneng teh. Kacipta mun tas gulung teh kuring sok ditangkeup ku manehna bari dihariringan, siga budah nu keur dipepende indungna. Aduh-aduh, aya ku endah jeung ni’mat pisan hirup teh.
“Akang, akang!”
Kuring kaget. Luncat, ampir labuh. “Akang ngimpi naon etah? Sare na korsi baru terus seura-seuri bae.”
Hah, ngimpi? Kuring gigisik. Di hareupeun tembong Sumi, pamajikan kuring, mencrong pinuh ku kaheran. “Cenah rek ngarang? Naha kalah ngaguher kerek?”
Kuring garo-garo teu ateul. Jadol teh. Hirup nu ni’mat teh ukur dina impian geuning. Dina kanyataan mah kuring teh tetep we pangarang miskin anu salawasna bingung neangan inspirasi. Jadol!(*)

Leave a comment »

Peuting Nu Pang Endahna

Basa kuring blak-blakan rek ngadua, manehna siga nu shock. Tapi teu lila, ngan ukur dua poe kita na teh.
Tadi basa kuring datang ti kantor, paromana geus tembong bengras deui. Manehna malah ngaladenan kuring dahar bari sabar pisan. Bener-bener ngaladenan da manehna mah teu ieuh dahar. Ngan ukur mang nyiukeun sangu jang kuring terus nempokeun kuring ngahuap. Beungeutna bener-bener taya semu ceudeum ku kakeuheul.
Basa peutingna kukuring ditalek, manehna tembong leah pisan. “Upami hal eta tiasa ngabahagiakeun akang mah, mangga bae enung rela,” pokna.
Kuring sakedapan ngabetem. Teu puguh rasa. Asana mending nempo manehna ambek dari pada pasrah siga kitu mah. Ka kuringna jadi asa dosa pisan.
Ras inget kana kasatiaan manehna, kana kacinta manehna salila ieu. Tapi ah, kahayang kuring keur boga anak oge teu eleh gedena. Sabenerna mun manehna teu gabug mah bakal bagja pisan rumah tangga teh.
Kuring geus aya tujuh taun ngahiji jeung manehna teh. Taya pacengkadan da memang didasaran ku cinta. Hanjakal buah ati nu dianti-anti teh teu embol-embol. Dua taun katukang, basa dipariksa ka dokter, karek kapanggih yen manehna memang pare hapa. Moal bisa boga anak.
Nya ti sabot harita kuring jadi kaleungitan sumanget hirup. Komo mun nempo batur jalan-jalan bari mawa budak mah asa diturihan hate teh. Kabita pisan. Nyeri kacida karasana lantaran sadar kuring jeung manehna moal pernah bisa ngalaman ngiringkeun si buah hate.
Genep bulan katukang prok kuring jeung randa ngora. Sapopoena muka warung sangu deukeut kantor kuring. Manehan karek sataun ditinggalkeun kabur ku salakina. Berjuang ngahirupan anakna nu karek umur 3 taun ku ladang muka warung.
Jadi bahan paguneman babaturan nyi randa teh. Babaturan lalaki tangtuna ge. Maklum umurna memang masih ngora, masih lilikuran. Tur awakna moleh pisan.
“Daek mun kudu nalak pamajikan ge kuring mah,” Cek Si Oman hiji poe.
“Ah embung ari kudu pegat mah. Mun menehna daek dicandung mah hayu we. Kajeun mun unggal gawe kudu lembur oge,” tempas Mang Uleh.Ger pada saleuseurian.
Tapi da wani ditukang wungkul kabeh oge. Paling di hareupeun jinisna mah kabeh ge ngan wani sindir sampir wungkul. Ari nyi randa biasana ngan ukur ngarespon ku komentar pondok atawa ku seuri letik. Pinter mawa karep menahna teh.
Kuring oge mimitina mah siga maranehna. Ukur wani nyindir-nyindir. Eh manehna bet ngalayanan. Antukna hubungan teh beuki jero. Dua bulan katukang manehna serah bongkokan, nyerahkeun jiwa ragana ka kuring. Di warungna, basa kuring kuring lekasan lembur, aya napsu nu ngahiji. Aya asmara nu ka sambung. Basa kukuring ditanya daek dimadu atawa henteu manehna bet teu kabeuratan.
“Etah akang kalah ngalamun. Tah entehna kaburu tiis.”
Kuring ngarenjag. Enung tembong keur ngawaskeun kuring bari imut. Kuring kaeraan. Gap kana cangkir teh, regot diinum. Enya we geus tiis.
“Bade dihaneutan deui atuh?” Enung surti pisan. Kuring gideug.
“Atanapi akangna nu hoyong dihaneutan ku enung?”
Hah? Kuring olohok. Asa teu percaya kana dedengean. Enung nu biasa ngan bisa ngadagoan inisiatif kuring bet ujug-ujug muka jalan ti heula.
“Aih, kapan enung inggis kaleungitan akang,” pokna semu nu ngarti kana kaheran kuring. “Meureun upami enungna langkung enya-enya ngalayanan engkang mah, engka engkangna moal lali ngalongokan ka dieu.”
Kuring tambah teu percaya. Ah, kahirupan memang loba ngandung pengkolan anu matak helok.
Nempo kuring cicing bae teh, Enung ngadeukeutan. Gek gigireun kuring. Terus awakna ngalendotan.
Ucing disantingan daging atuh pasti we langsung ngarontok. Nya kuring oge kitu. Napsu lansung kahudang. Awakna ditangkeup, terus digalentoran. Sabenerna pinter pisan ngurus awak enung mah. Sampurna, taya barobahna najan geus tujuh taun babarengan.
Basa napsu beuki nyedek, regeyeng manehna kukuring dibopong ka kamar. Masa-masa pengantenan beheula bet kaalaman deui. Hubungan paling endah ngajanggelek peuting eta. Enung lain ngan ukur pasrah, tapi bisa ngalayanan lemah lembut pisan. Kuring asa naek ka langit katujuh. Ka surga nu pang endahna.
Basa pesta lekasan, kuring langsung bisa sare bari hate bungangang. Tapi teu lila, karasa aya nu ngaguyah-guyah awak.
“Aya naon, Nung?” Kuring heran basa nempo manehna geus rapih dibaju deui. Panonna tembong semu beureum siga tas ceurik. Tapi manehna imut manis pisan.
“Kang sarengan Enung ngeteh heula,” pokna bari sor ngasongkeun cangkir. Kuring diuk terus nampanan nu diasongkeun.
“Kanggo kaendahan cinta urang,” pokna baru ngangkat cangkir. Kuring nurutan ngacungkeun cangkir. Terus babarengan ngaregot eusina.
“Sing seep kang ambeh badanna seger,” pokna basa nempo cangkir kuring masih eusi satengah. Kuring nurut. Manehna oge tembong ngerepkeun eusi cangkirna.
Begitu eusi cangkir kosong. Manehna langsung nubruk awak kuring. Kaget liwat saking. Cangkir nu dicekel ku kuring jeung manehna pasolengkrah kaman-mana.
“Aya naon, Nung?”
Manehna kalah ngagauk ceurik baru nangkeup awak kuring. “Hapunten abdi kang. Abdi teu tega kaleungitan cinta engkang. Langkung hade urang perlaya babrengan,” pokna bari ngaguk-guk kana dada.
“Eh, naon maksa Enung?” Beungeutna ku kuring dicengkatkeun. Tembong banjir ku cimata.
“cai teh tadi ku enung tos dipasihan racun,” pokna. “Hayu Kang, urang hijikeun cinta urang nepi ka akhir.” Manehna terus ngusrukkeun duei beungeutn kana dada kuring.
Kuring kaget. Racun? Beuku kaget basa beuteung karasa asa motah. Murilit lir diturihan. Karasa Enung nangkeup kuring beuki pageuh. Lalaunan dunya asa moekan.(*)

Comments (1) »

Birahi Wanci Janari

Kuring jeung Mang Juned nyumput tukangeun rungkun awi. Reungit muuk, tapi kuring nguat-nguatkeun maneh. Atuda omongan Mang Juned teh kacida pisan narik atina.
“Mun hayang nongton nu kitu mah tong teuing dina kaset. Mending langsung,” pokna basa kuring nembongkeun vcd porno bajakan nang meuli ti pasar ka manehna.
Nya peuting ieu pisan Mang Juned ngajak ngabuktikeun omonganana. Duaan ngadagoan di pipireun imah anu harieum ku tatangkalan.
“Tong gandeng. Sakeudeung dei oge jebul geura,” pokna basa nempo kuring teu sabar teh.
Bener bae, teu lila tembong rentang-rentang aya nu datang. Di kurudung sarung manehna teh langsung nyalingker ka pipir imah. Terus ngadeukeutan kana jandela. Kuring kerung basa nempo beungeutna ka caangan lampu teh.
“Pa Kuwu?” kuring ngaharewos ka Mang Juned. Manhena unggeuk. Kuring gogodeg. Pa Kuwu ngahelaran pamajikan batur? Ah, asa teu percaya. Kapan karek sabulan katukang manehna kapilih deui. Dina pemilihan manehna sukses ngabeubeut pesaingna, Mang Gunarsa juragan tempe, ku tudingan teu bersih lingkungan lantaran boga pamajikan kadua di kampung tatangga. Kari-kari ayeuna manehna sorangan rerencepan wanci janari ka imah Mang Ulis. Padahal kuring apal Mang Ulis teh keur taya di imah.
“Tong ngalamun jang, tuh tempo,” Mang Juned nepak. Pa Kuwu tembong geus tepi kahareupeun jandela. Sakedapan ngajanteng, mireungkeun suasana di jero tayohna mah. Teu lila manehna keketrok. Tilu kali, jandela teh langsung dibuka. Sidik nu muka teh Bi Ijoh, pamajikan Mang Ulis.Teu kaleked, terekel Pa Kuwu teh naek kana jandela. Blus ka jero, jandela teh langsung ditutup deui.
“Ke dagoan lima menit, karek urang deukeutan,” Mang Juned ngaharewos. Kuring ngaheneng. Masih kaget ku fakta nu karek kapanggih.
“Emang, apal ti iraha?” kuring ahirna nanya.
“Nya geus heubeul. Aya opat bulan mah.”
“Hah? Berarti pas pemilihan geus kajadian?”
Mang Juned unggeuk. Kuring gogodeg. Teu kaharti. Kapan basa kampanye teh Pa Kuwu tapis pisan midatokeun perluna hirup bersih jeung satia ka kulawarga. Manehna gencar pisan nyerang kalakuan Mang Gunarsa anu geus wani nyandung. Teu pantes calon pejabat mere tuladan kitu, ceuk Pa Kuwu harita teh. Kari-kari ayeuna manehna sorangan milampah perbuatan anu leuwih kotor.
“Naha Emang teu wani buka-bukaan?” kuring nanya Mang Juned.
“Ih, keur naon. Pengetahuan teh mahal, Jang. Bisa ngarupa jadi kenteng, usuk. Buktina tuh dapur mamang geus teu bocor deui.”
“Hah? Jadi Mang Juned meres Pa Kuwu?”
“Ah teu rumasa. Emang hiji peuting kungsi nyegat manehna basa kaluar tina jandela. Eh, juragan pejabat teh langsung ngeupeulan gede pisan. Asal emang tutup mulut pokna. Berekah nepi ka ayeuna geus sababaraha kali ngeupeulan. Buktina geus jadi dapur,” Mang Juned nyerengeh. Kuring ngaheneng.
“Geus ah, tong olohok bae. Hayu ari rek nongton pertunjukan panas mah.” Mang Juned nepak taktak. Terus lalaunan ngadeukeutan jandela. Kuring antukna nuturkeun.
Geus apal lelempatan tayohna si emang teh. Buktina manehna langsung muru ka beulah ditueun jandela. Gog nagog, baru ngagupayan kuring. Enya we hareupeun manehna teh aya liang dina bilik anu rada gede.
“Ngahaja meunang nyieun pabeubeurang,” pokna ngaharewos. Kuring gogodeg.
Basa ditoong di jero pa Kuwu tembong keur ngagoler dina ranjang dipencetan ku bi Ijoh.
“Sabaraha dinteng Kang Ulis diutus ka kabupatenna, Pa?” sora Bi Ijoh.
“Dua poe.”
“Ih, si Bapa mah nakal. Ngahaja cari kesempatan,” Bi Ijoh nyikikik baru nyiwit cangkeng pa kuwu. Nu diciwit ngagurubug terus hudang. Ngarantok Bi Ijoh anu terus nyingcet. Bi Ijoh terus lumpat, Pa kuwu gancang milu turun tina ranjang terus ngudag.
“Siga ucing beger,” Mang Juned ngaharewos. Kuring nyerengeh.
Di jero beuki panas. Bi Ijoh ngahindar ngurilingan ranjang, Pa Kuwu terus ngudag bari masang dua leungeunna semu rek nangkeup. Basa bi Ijoh rek naek kana ranjang, cangkengna kacerek manten ku pa Kuwu. Gep ditangkeup pageuh pisah. Bru duanana rubuh. Bi Ijoh nangkuban kana kasur, Pa Kuwu naplok luhureunena. Duanana ting cirihil. Teu inggiseun kadenge ku batur tayohna mah da memang imah Pa Ulis teh anggang ti tatangga.
“Hayu ah uculan,” Pa Kuwu ngomong haroshos.
Bi Ijoh nurut. Hudang, langsung mukaan pakenana. Daster ngalumburuk dina lantey, terus calana jero jeung kutang nyusul.
Kuring nahan napas. Sanajan geus aya umuran, tapi tembong nu bulucun teh masih keneh beuneur.
Pa Kuwu gancang nyusul ngalaan pakenanan. Basa geus bulucun terus ngagolerkeun maneh dina kasur. “Sok ah, siga kamari deui,” pokna.
Bi Ijoh teu kalaked. Kalacat naek dui kana ranjang. Terus ngadon naek kana awak Pa Kuwu. Diuk dina beuteung pa pejabat siga anu naek kuda. Leungeun pa kuwu langsung garamesan lebah dada Bi Ijoh.
Kuring olohok. Awak asa ngadegdeg teu puguh rasa. Mang Juned tembong sababaraha kali menerkeun sarungna.
Di jero kayaan beuki panas. Dua mahluk papuket, silih gemol, silih dedetkeun, silih rames, silih ah..pokona geus hese dicaritakuenanan.
Basa hayam mimiti kongkorongok, kuring diajak Mang Juned nungguan di jalan teu jauh ti imah Mang Ulis. Basa Pa Kuwu kaluar jol tina lebah rungkun kopi. Mang Juned gancang ngadeukeutan.
“Ning sia Juned?” Pa Kuwu akhirna nanya basa geus awas kanu datang. Mang juned ngaheheh.
“Itu saha?” Pa Kuwu nunjuk ka lebah kuring anu tetep nangtung di kajauhan.
“Rerencangan ronda.”
“Hmh, wani ngajak batur sia nyah? Bisa-bisa isuk mah ngajak jalma sakampung,” Pa Kuwu ngagebes.
“Ah, teu wantun. Piraku kanu berehan bade kumawantun,” Mang Juned nembal anca.
Dikitukeun teh Pa Kuwu langsung ngodok calana. Terus tina dompetna ngaluarkeun sababaraha lembar duit. Sok dibikeun ka Mang Juned. Gejlig be indit.
Mang Juned nyaheheh basa ngadeukeutan kuring teh. “Tah jang urang bagi dua. Lumayan.”
Pokna bari sok duit teh dikeupeulka ka kuring sawareh. Basa dibatrean teh, kuring ngajenghok. Rp 500 rebu. Sapuluh poeeun ladang kuring buburuh nembok.
“Na loba pisan Mang?”
“Ah, pesakan we. Luamayan. Da eta ge paling duit ladang korupsi. Iraha deui pangawakan kuli siga urang bisa ngasaan duit ladang korupsi,” pokna baru nyerengeh.
Kuring hareugeungeun. Pangalaman peuting ieu karasa aneh luar biasa.(*)

Leave a comment »

Kajiret Napsu Birahi

Basa manehna asup ka kamar mandi, kuring langsung sadia. Baju dibuka, calana
panjang dilaan, tinggal calana jero. Golehe we kana kasur.
Hmh, gajih pisan yeuh daging teh. Umurna masih belasan. Masih serba peungkeur.
Basa make pakean keneh oge geus tembong seksi. Komo mun engke geus bulucun.
Emh, kuring teu karasa ngarenghap panjang. Aya napsu nu nguliat.
Tadi panggih teh panggih jeung manehna di BIP. Kuring kabaneran taya tugas di kantor. Leos we ka pusat perbelanjaan. Saha nu apal manggih nu montok. Eh, harepan teh langsung kabul. Kuring panggih jeung manehna di lobi. Saliwatan hate teh langsung cop. Donto.
Manehna keur anteng ngulinkeun telepon genggam. Basa ku kuring dideukeutan langsung nyanggut. Nya terus we dibawa ka hotel.
Basa manhena kaluar ti kamar mandi, awakna ukur dibeungkuet anduk. Kulitna bodas
beresih. Nempo kuring geus satengah bulucun teh manehna ngabelenyeh. Gek diuk
dina sisi ranjang. Leungeuna terus nyisiran buukna anu ngarumbay sataktak.
Kuring mencrong manehna bari teu lemek. Manhena oge anteng nyisiran bari
neuteup kana eunteung gede anu naplok dina tembok. Rada lila paheneng-heneng.
“Naha teu aya soantena? Tunduh?” manehna ngareret.
Kuring gedeg bari nguniang hudang. Gek gigireunena. Leungeun kuring terus
gerilya. Ngusap-ngusap pundukna anu bodas. Karasa lemes. Dikituekuen teh
manehna teu baha. Ngan basa leungeun kuring nyulusup ka jero anduk, awakna rada
ngagurubug. “Ih nakal,” pokna, tapi aya kalangkang imut dina biwirna.
Lengeun kuring beuki motah. Andukna dicentok, bruk we ubin. Manehna bulucun, tapi leungeuna teu ieuh make repot nutupan daerah pribadina. Kalah hayoh ngagaramang nyasaran awak kuring. Tina dada terus ka handap. Wani pisan, tapis kacida.
Kamar hotel teh dipasangan penyejuk ruangan, tapi sama sakali teu karasa pangaruhna.  Awak kuring panas, manehna oge teu beda. Napsu beuki ngaberung. Duaan guley, silih
rames, silih gemol. Kuring ngarahuh, manehna humarurung. Bendungan jebol, duaan patangkeup pageuh pisan.
Basa napsu geus lekasan, kuring terus kasarean. Cape.
Basa hudang, kamar teh jempling. Taya tapak-tapak manehna. Kuring rada
ngajenghok basa mireungeuh loket kuring ngagoler dina meja. Gancang
dideukuetan. Kosong. Taya duit nu nyesa salambar oge.
Bangkawarah, kuring kekerot. Awewe atah adol. Peureup langsung neunggeul meja.
Kakaget kuring teu anggeus nepi ka dinya. Dina eunteung katembong tulisan gede
warna beureum. Sigana make lipenstip. “Salamet bergabung jeung grup penderita HIV/AIDS.”
Kuring colohok. Awak ngeleper. HIV/AIDS? Manehna ngidap HIV/AIDS? Beu cilaka, kapan tadi teh teu make kondom. Tuur nyoroncod. Dunya karas asa pok mongkleng.(*)

Leave a comment »

Isukan Pangantenan

Isukan pangantenan, tapi si akang bet teu sabar.
“Hoyong persekot heula ah,” pokna.
Kuring jebi. “Ta usah ya….”
“Alah enjing oge kan moal jang saha.”
“Memang leres, pangna ge sing sabar.”
“Ah, teu kuat…,” pokna bari terus nyentok leungeun. Bluk kuring kana lahunanan. Terus awak kuring ditangkeup pageuh pisan, teu bisa leupas najan satekah polah kuring berontak.
“Meungpeung keur sepi,” si akang ngucap bari haroshos. Memang harita teh kayaan di imah si mamang keur sepi. Mamang jeung Bibi araya di imah ema, mantuan nyiapkeun acara isukan. Ari kuring tadi teh tas nganteurkeun undangan ti babaturan. Cape ngeleyeng kapikir mun langsung mulang pasti teu bisa istirahat. Pangnage ngajak si akang nyimbang ke imah si mamang. Najan dikonci tapi kuring apal tempat konci disumputkeun.
“Ulah atah kang,” kuring satekahpolah ngejat. Tapi teu bisa. Tangkeupan si akang tambah rosa. Malah manehna ngagulingkeun kuring kana korsi. Terus awak kuring ditindihan.
Sanajan mimitina mah nyoba ngalawan, tapi basa biwir si akang ngaranggeum biwir kuring, antukna kuring teu walakaya. Serah bongkokan. Si akang beuki ilang kendali. Leungeuna ngotektak kamana-mana. Rameg diditu, usap didieu. Kuring asa murigrig saawak-awak.
Basa biwir si akang turun, nyucupan kulit beuheung, kuring lir salah palid. Leunguen teh nangkeup awak si akang sataker tanaga. Teu hayang leupas, komo deui barontak.
Basa leungeun si akang ngulinkeun kancing baju, kuring ukur peureum. Basa kancing teh hiji-hiji diuculan, kuring kalah rikat mantuan. Rikat oge males ngudaran kancing si akang.
Basa awak nu geus pada biligir ngahiji, kuring geus teu inget kana nanaon. Ngan aya sensasi nu endah, lir ancrub kana sagara kanikmatan.
Memang aya rasa hanjakal nu sumeleket basa sagalana rengse. Sigana bakal leuwih endah lamun hal tadi dilakukeun isukan di malem pangantenan. Lewih sampurna.
Tapi ah, rasa eta ngan muncul saliwatan. Ayeuna atawa isukan, nu penting cinta teh geus ngahiji.
Isukna, poe nu dianti-anti teh datang. Kuring geus dirias bebeakan. Jam 10.00 jadwal dirahpalan. Tapi satengah jam saencan acara rombongan si akang teu embol-embol. Kuring mimiti hariwang. Menit-menit penantian karasa pinuh siksaan. Kuring gulinggasahan.
Basa jam 10.00 kaliwatan, datang utusan mawa beja yen rombongan si akang kacilakaan. Si akangna perlaya saharita.
Kuring ngajerit maratan langit. Dunya asa tungkeb. Poek mongkleng. Samagaha jeroeun dada.(*)

Leave a comment »

Kageser-geser Imbit Nyi Randa

Beus teh pajejel. Hese usik. Unggal beus eureun kuring nu teu kabagen tempat diuk, kudu tipepereket pupuntangan. Mun henteu pasti awak bakal keuna kanu nangtung hareupeun. Bisa barabe. Kapan si geulis teh kakara pisan tas lak-lak dasar nyarekan bapa-bapa, anu dianggapna cunihin pedah terus meped-meped manehna. Tiap mobil direm atawa mengkol si bapa teh langsung ngamanfaatkan kesempetean.
“Dasar lalaki nurus tunjung! Teu boga kaera!” si geulis teh nyeuneu bari tutunjuk. Panumpang kabeh tumplek perhatian. Si bapa teh kaeraan, terus seseleket pindah ka beulah tukang.
Tapi kuring ngarasa beuki kasiksa beuki lila teh. Panumpang terus nambahan. Awak si geulis beuki ngadeukeutan. Sanajan sakumaha tarik pupuntangan mun beus ngaleok atawa eureun teh pasti awak kuring keuna ka manehna.
Beu cilaka, pikir teh. Bisa jadi korban kadua kuring ari keu mah.
“Aduh!” si mojang ngajerit. Kuring langsung kabur pangacian.
“Ati-ati atuh, Ki. Piraku suku kuring ditincak.”
Plong we. Tetela si mojang teh protes ka si aki hareupeunana. Si aki tembong gura-giru menta hampura. Si Mojang camberut bari rada narik awakna. Beu, kuring ayeuna nu jadi korban. Awakna adek pisan kana awak kuring. Waduh, kudu kumaha?
Basa beus mengkol, teu katahan deui awak kuring jeung manehna beuki napel. Manehna ngalieuk nempo ka lebah kuring. Neuteup sakuedeung tapi sama sakali teu ngucap sakemek.
Geulis pisan si mojang teh. Biwirna euceuy, irung mancung, pipi lemes, halis melengkung. Keuruet beungetna pas pisan jeung buukna anu dipotong luhureun taktak. Dandanana anu sederhana sama sakali teu ngurangan kageulisanaan. Malah karasa tambah nyari.
Kalan-kalan buuk manehna katebak angin. Ririapan kana beungeut kuring. Karasa seungit. Ku kuring diingkuen we, malah dinikmati. Diprotes, oge diprotes kumaha. Disinglarkeun oge percuma da terus kabawa angin deui.
Basa mobil rada nanjak, awakna beuki adek. Kuring ngarenghap panjang. Imbitna pas pisan ngagesek-gesek tuntung pingping kuring. “Duh gusti, tulungan abdi,” gerentes teh.
Tapi pitulung teu buru-buru datang. Jalan teh terus naek turun. Jadi beuki sering bae kuring kagesek-gesek. Kuring geus coba mundur, tapi teu berhasil. Maklum di tukangeun oge geus taya ruang nyesa.
Beuki lila kuring asa beuki ripuh. Lantaran kagesek-gesek terus lebah congo pingping teh karasa aya nu kahudang. Duh, kumaha ieu? Manehna oge lila-lila pasti bakal ngarasaeun aya dongkrak nu ngacung tuh.
Kuring coba ngabangbalerkeun pikiran ka luar jandela. Tapi  teu hasil. Si Joni teh beuki tarik nyuak calana. Tuda ieu mah nu ngagesernage lain samanea. Kapan imbit badag anu sakitu endahna.
Awak kuring karasa panas. Pakean jibrug ku kesang. Di jero beus teh panas lantaran langka hawa. Tapi di jeroeun awak kuring oge teh eleh panasna. Aya napsu nu kahudang.
Jalan beuki nanjak. Kuring beuki samar polah. Tapi ah antukna kuring teu paduli. Keun bae lah manehna karasaeun ge. Da lain salah kuring ieuh.
Manehna oge antukna mah sadar sigana mah. Da sababaraha kali siga narik awakna leuwih kahareup. Tapi kayaanana memang teu memungkinkeun, manehna oge antukna siga nyerah.
Beuki jauh ninggalkeun kota, beuki goreng jalan nu kaliwatan. Naek turun, luak-leok, tur beuki ruksak. Akibatna bujur manehna beuki sering ngagesek-gesek kuring. Tapi nu rada aneh teh manehna teu pernah sakli oge ngalieuk ka kuring. Anteng we neuteup ka hareup.
Nepi Ka Cijati, penumpang mulai ngurangan. Kayaan di jero beus mulai laluasa. Kurang gura-giru ngajauhan manehna. NU tadi nyuak teh antukna daekeun istirahat, ngalempreh deui.
Di Cijapati, aya dua penumpang turun. Korsi di tukang kosong. Nu nangtung tinggal kuring jeu si mojang. Kenek ngageron. Kuring gancang diuk. Ari nyi mojang tembong semu asa-asa. Basa gek oge menehna sama sakali teu malire ka kuring.
Ah, keun bae, pikir teh. Leuwih hade kitu. Dari pada pada-pada era.
Tapi perjalanan masih jauh. Antukna kuring teu kawawa.
“Bade kamana neng?” kuring lahlahan nanya.
Manehna tembong kaget. Ngareret sakeudeung terus neuteup ka hareup deui.
“Bade uih, ka Cicadas,” tapi ternyata aya jawaban nu kaluar, laun pisan.
“Oh..” kuring unggeuk.
Terus simpe deui, ukur kadenge gerung mesin beus jeung sora penumpang kerek.
“Punten nya…soal tadi,” kuring nyoba muka deui obrolan.
“Naon tea nya?” Pokna. Teuteupna angger ka hareup.
“Bilih aya nu kirang sopan tadi.”
Manehna ngareret. Prok teuteupan paamprok.
Blenyeh manehna imut. Dug, jajantung kuring asa didudut.
“Ah teu sawios.” pokna halimpu pisan.
Kuring bengong. Na teu salah denge kitu?
“Da abdi oge ngiring salah..,” sambungna deui. Paneuteupna ka hareup deui.
“Hah?” Kuring calangap. “Ari kitu, eneng oge menikmati?” Teuing kunaon sungut teh asa hese direm, langsung nanya kitu.
Manehna ngadilak bari baeud. “Ih, amit-amit…,” pokna. Ukur kitu.
Kuring beuki wani. Sajajalan terus ngajak ngobrol. Manehna bet terus ngalayanan.
Tetela manehna teh randa. Karek 6 bulan ditinggal maot salakina.
Basa beus asup ka wilayah Cicadas Manehna siap-siap turun. Kuring gura-giru menta alamat. Teu hese, golosor we. Kuring gancang nyatet alamat manehna dina telepon genggam.
“Kenging nganjang kitu?”
“Mangga.”
“Moal aya nu bendu?”
“Ih saha nu bendu.”
Basa beus eureun di Cicadas manehna siap-siap.
“Upami leres bade sumping, diantosan nya,” pokna bari hudang. Kuring asa ngapung ka awang-awang.
“Memang bade di suguhan naon?”
“Naon bae aya.”
“Da hoyong na oge anu siga tadi.”
Manehna ngadilak. “Ih, cunihin..,” pokna bari gura-giru turun. Tapi aya imut dina biwirna.(*)

Leave a comment »

Serial Jaka Lodaya: Kaadilan di Jamparing

reup, lir papatong manehna entruep na suhunan imah. Enteng, tanpa sora sama sakali, pertanda elmu silatna nu geus sampurna. Jaka Lodaya ngadepong ngintip kajero imah.
Breh pemandangan nu matak metot jajantung. Tilu awak bulucun, hiji lalaki dua awewe. Sarua kalebuh dina birahi.
“Kuwu atah adol,” Jaka kekerot. Lalaki nu keur kalelep ku birahi teh memang Kuwu Sasmita, jalma paling kawasa di Desa Jamparing. Jalmana telenges taya papadanan. Warga nu baha kana kahayangna pasti nandang siksaan. Malah kadang-kadang kapanggih geus ngababatang.
Taya nu wani ngalawan kuwu Sasmita. Ma’lum manehna boga pangawal-pangawal gangas nu jumlahna loba.
Tapi Jaka Lodaya teu gimir. Keur satria ti Pasir Kaliki ieu pangawal-pangawal kuwu teh ukur jadi kaulinan. Tadi basa nyulundup rerencepan, tila pangawal ngajoprak ukur dina sababaraha gerakan.
Jaka oge ngarasa taya susahna keur nyabut nyawa kuwu Sasmita. Tapi manehna asa-asa. Ieu kuwu atah adol teh boga deking kuat di kawadanaan. Wakil wadana teh masih mamangna. Jadi lamun Sasmita kapanggih tiwas sacara misterius, pasti rakyat bakal jadi korban wakil wadana anu meupeskeuyang.
“Jalan paling pas maksa supaya ki kuwu kapok nindes rakyat,” gerentes Jaka. Tapi kumaha carana?
Di jero kayaan beuki panas. Ki kuwu diuk dina sisi ranjang. Dina lahunanan diuk salah saurang awewe, nyanghareup adek kana awak ki kuwu. Awak si awewe anu karek umur lilikuran teh terus naek turun dina wirahma anu beuki lila beuki cepet. Ki kuwu tempong peureum beunta nahan kanikmat. Leungeuna kencana ngaramesan birit si awewe, ari leungeun katuhu ngaramegan buah dada awewe sejenna, anu nantung hareupeunana. Sora-sora pinuh birahi patembalan.
Sasmita gogodeg. “Manusa-manusa edan. Teu boga moral,” batinna. Lalaunan manehna mukaan genteng sapas awakna. Gulantung, gulantung, manehna abus ka imah. Treup, dina lante papan.
Nu keur ocon tembong reuwas. Ki Kuwu langsung hudang, nepi ka awewe na lahunan kabanting kana lante.
“Saha andika?” Ki kuwu ngagentak. Sorana berwibawa.
Jaka sueri ipis. Manehna nyabut bedog, langsung disampaykeun kana beuheung ki kuwu. “Aing raja aherat anu rek nagih nyawa andika,” pokna. Sorana laun tapi pinuh ancaman. Ki kuwu langsung pias. Dua awewe nu tadi sempet kabur pangacian rame ting jarerit.
“Cicing. Tong nyoara,” Jaka nyentak. Dua awewe bulucun teh kaget, langsung nutup baham ku leungeun. Beungetuna sarua pias.
“An..an..andika saha?” Ki kuwu ngawani-wanikeun karep nanya.
Jaka seuri, sinis. “Ajal andika,” pokna. Seuseukeut bedog masih nempel na beuheung ki kuwu. “Aing ngahaja datang ti tempat jauh kuer neukteuk beuheung pejabat tukang nindes rakyat. Ayeuna geus datang mangsana anjeun nyusul puluhan korban anjeun nu gues perlaya tanpa dosa.”
Ki kuwu beuki pias. Dua awewe anu ayeuna geus pada andeprok kadenge ceurik. Tapi tetep teu wani tarik.
“Aing oge apal anjeun teh pejabat tukang ngarebut pamajikan batur. Tukang ngagadabh parawan tanpa daya. Ayeuna balesanana geus datang,” ceuk Jaka Lodaya deui. Sakedapan manehna neuteup ki kuwu anu jiga geus teu nyawaan. Kalalakiannan geus ti tadi pareum, ngulumbruk lir anduk butut.
“Ampun, ampun, ampun, juragan,” Ki kuwu langsung ngudupruk, sujud di hareupeun Jaka.
Satria Pasir Kaliki teh ukur gogodeg. Dina kaayaan kitu Ki Kuwu teh sama sakali teu tembong kakejemanana. Justru matak pikarunyaeun. Tapi Jaka apal, jalma siga ieu mah pinter lolondokan. Di hareupeun nu kuat ngarendahkeun diri bener-bener tapi begitu nyanghareupan rakyat langsung obah jadi monster penindas nu teu boga rasa perikamanusiaan.
“Hudang!” Jaka nyentak. Ki Kuwu tetep ngusruk.
“Hudang!” sentak Jaka deui. Ayeuna mah bari nyampaykeun bedog dina punduk ki Kuwu. Tetela ampuh. Ki Kuwu hudang bari tetep ampun-ampunan.
Jaka jadi sebel. Bedogna langsung maen. Sret, sret, sret, sret. Opat garis langsung ngahias pipi Ki Kuwu. Penguasa desa teh langsung ngoceak bari nutupuan dua pipina nu pinuh ku getih.
“Tah eta peringatan keur tingkah anjeun nu sok meres jeung nyiksa rakyat.”
Bedog Jaka rikat beraksi deui. Sret. Ki Kuwu ngajerit maratan langit bari nyekelan kalalakianana nu tinggal sapotong. “Tah eta keur dosa anjeun anu sok resep merkosa.”
Ki kuwu ngudupruk. Terus gogoleran bari adug-lajer guyang guyang dina getih sorangan. Dua awewe bulucun milu ting jalerit.
Ti luar kamar kadenge sora para pangawal datang. Jaka ngejat. Jleng, gulayun-gulayun, kaluar deui kana suhunan.
Manehna terus nyingkah ninggalkeun eta tempat. Isukan, duka durjana mana anu bakal meunang pelajaran ti satria itu.(nyambung)

Leave a comment »